-->

#Soal latihan Bahasa Sunda kelas 8 SMP Beserta Jawabannya Lengkap

Ilmu adalah pengetahuan yang telah disusun secara sistematis dan berlaku umum, sedangkan pengetahuan adalah pengalaman yang bersifat pribadi/kelompok dan belum disusun secara sistematis karena belum dicoba dan diuji.

Dalam konteks akademis atau profesional, ujian (atau ujian untuk pendek) adalah tes yang bertujuan untuk menentukan kemampuan seorang mahasiswa atau calon dokter. Biasanya ujian tes tertulis, walaupun beberapa mungkin praktis atau komponen praktis, dan sangat bervariasi dalam struktur, isi dan kesulitan tergantung pada subjek, kelompok usia orang yang diuji dan profesi.


Seseorang yang melewati ujian menerima ijazah, sebuah surat izin mengemudi atau profesional, tergantung pada tujuan pemeriksaan. Pemeriksaan kompetitif adalah ujian di mana pelamar bersaing untuk sejumlah posisi, sebagai lawan hanya harus mencapai tingkat tertentu untuk lulus.

Sebagaimana yang kita ketahui setiap siswa yang berada di tingkat pendidikan formal pasti akan mengahadapi yang namanya Ujian sebagai bentuk tes terhadap para siswa untuk mengukur sejauh mana kemampuan siswa tersebut dalam memahami pelajaran yang telah di sampaikan oleh para guru, sehingga nantinya akan di dapat hasil sebagai bahan evaluasi untuk memperbaiki kemampuan siswa ketingkat yang lebih baik lagi.

Maka berdasarkan Hal tersebut pada artikel kali ini, saya akan menshare mengenai Soal latihan Bahasa Sunda kelas 8 SMP Beserta Jawabannya Lengkap, Soal tersebut merupakan soal pilihan ganda Bahasa Sunda kelas 8 SMP beserta jawabannya dengan jumlah 40 Soal dan tentunya sudah disertakan kunci jawabannya supaya Sobat Parakata semua bisa lebih mudah Untuk menghafalnya dan juga bisa menjadikan referensi soal saat ujian nanti karena soal tersebut diambil berdasarkan sumber dari buku mata pelajaran bahasa Sunda yang di pelajari disekolah.

Mungkin itu saja sedikit ulasan mengenai isi artikel yang akan saya bahas kali ini, langsung saja kita menuju Soal latihan Bahasa Sunda kelas 8 SMP  Beserta Jawabannya Lengkapberikut dibawah ini.

Soal latihan Bahasa Sunda kelas 8 SMP  Beserta Jawabannya Lengkap


Adapun soal-soal yang akan kita bahas pada mata pelajaran Bahasa Sunda kelas 8 SMP  adalah sebagai berikut :


Baca sempalan dongéng ieu di handap!

Langkung tipayun sumangga urang sami-sami nyanggakeun puji sinareng syukur ka Alloh swt. Alhamdulillah dugi ka danget ieu mantenna masih ngalungsurkeun nikmatna ka urang. Malih ku kersa mantenna pisan urang tiasa riung mungpulung paamprok jonghok patepang raray dina raraga paturay tineung.

1. Paragraf di luhur ka asup kana…..biantara
a. Panutup
b. Salam panutup
c. Eusi
d. Bubuka

Rupina cekap sakieu waé pisanggem ti sim kuring, mugi-mugi tiasa ngawakilan kereteg haté sadayana. Hapunten anu kasuhun, bilih aya cariosan anu kirang merenah.

2. Paragraf di luhur ka asup kana…..biantara
a. Panutup
b. Salam panutup
c. Eusi
d. Bubuka

3. Dina bagian panutup biantara biasana ngawengku ……
a. Sanduk-sanduk bisi salila cacarita aya kekecapan anu salah atawa teu merenah
b. Nepikeun salam pamuka atawa salam kawilujengan
c. Nepikeun panghormat ka hadirin anu anu ngaluuhan acara
d. Ngahaturkeun nuhun ka girang acara anu geus mere kasempetan ka dirina pikeun biantara

4. Eusi biantara dina acara paturay tineng kelas salapan nyaéta, iwal……
a. Ménta didu’akeun sangkan bisa neruskeun sakola ka nu leuwih luhur
b. Nembrakkeun rasa sedih pédah rék papisah.
c. Ngahaturnuhunkeun ka para bapak jeung ibu guru
d. Ménta bekel keur neruskeun sakola kanu lewih luhur

5. Salasaurang tokoh présidén Indonesia anu kasohor mahér dina biantara nyaéta….
a. Ir. Soekarno
b. Mahatir Muhamad
c. Ahmad Dinéjad
d. Ridwan Kamil

6. Cara nepikeun biantara tara maké naskah, tapi naon anu rék diomongkeun dirarancang heula kalawan taliti. Biasana sok dijieun catetan-catetan mangrupa gurat badag atawa rangkay omongan anu rék ditepikeun téa, disebut métodeu biantara….
a. Métodeu impromptu
b. Métodeu ngapalkeun
c. Métodeu naskah
d. Métodeu ékstémporan

Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar
Perenahna di Kabupatén Sukabumi. Persisna mah di kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok. Di ditu, di sisi laut Palabuan Ratu. Ti saprak kantor Pemda Kabupatén Sukabumi pindah ka Palabuan Ratu, rada leuheung ka kota téh teu jauh teuing jiga baheula basa Pemda Kabupaténna di Cisaat kénéh. Najan teu jauh ka kota sarta geus réa kagiridig ku jalma nu ngadon ulin, masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti adat warisan parakaruhun. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.

Di pakampungan Ciptagelar mah wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh. Nu disebut imah panggung téh imah anu aya kolongan. Jangkung kolongna kira-kira 60 cm. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula golodog, anu ditunda handapeun panto hareup. Biasana tina batu tatapakan, anu wangun pasagi opat jeung badag. Kétah, wangunan mah ogé handapna maké batu tatapakan, anu sarua jangkungna. Anggang ti batu ka batu téh paling tilu méteran.

Wangun suhunan lolobana segi panjang jeung juré. Sok ditambahan émpér di bagian hareup jeung bagian tukang. Hateupna tina daun tepus, eurih, atawa injuk. Moal matak bocor najan hujan gedé ogé, da ditumpukna rékép pisan. Sedeng minangka lanténa, tina palupuh. Babagian imah diwangun ku tengah imah paranti ngumpulna sakabéh anggota keluarga, pangkéng atawa kamar paranti saré, padaringan atawa goah paragi neundeun béas, jeung dapur paranti masak. Lian ti imah pangeusi lembur, di dinya ogé urang bisa manggihan bumi ageung, leuit, jeung saung lisung. Kumaha waé di pakampungan Sunda baheula.

Anu disebut bumi ageung téh paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun. Biasana dijejeran ku sesepuh lembur, anu disebutna Sesepuh Girang . Tah, ngeunaan leuit, lamun dina basa Indonésia mah disebutna “lumbung” téa, paragi neundeun paré. Wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik. Sisina ditutupan ku bilik, hateupna ku injuk. Leuit téh perenahna di sisi pakampungan. Unggal imah, pasti ngabogaan leuit. Jadi moal pacorok pangaboga. Di deukeut wangunan leuit, diwangun saung lisung nyaéta saung paranti nutu sakumna pangeusi lembur. Saung lisung mah ngan hiji, dipaké ku salelembur. Ku kituna, mangpaat saung lisung téh lian ti paranti nutu, ogé tempat campur gaulna (sosialisasi) urang lembur.

7. Di mana perenahna kampung Adat Ciptagelar téh?
a. Di Kampung Sukamulya, Désa Cisampih, Kacamatan Cigasong, Kabupatén Sukabumi.
b. Di Kampung Sukamulya, Désa Buniseuri, Kacamatan Cikubang, Kabupatén Sukabumi.
c. Di Kampung Sukamulya, Désa Sirnaresmi, Kacamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.
d. Di Kampung Sukamulya, Désa Sinaresmi, Kacamatan Cisalak, Kabupatén Sukabumi.

8. Naha Kampung Ciptagelar disebut Kampung Adat?
a. Lantaran masih mageuhan tali paranti adat karuhun baheula.
b. Lantaran masih ngagunakeun imah bilik karuhun baheula.
c. Lantaran masih loba masarakatna anu teu boga HP.
d. Lantaran masarakatna tara ulin ka kota.

9. Kumaha potongan wangunan imah anu aya di Kampung Adat Ciptagelar ?
a. Imah gedong
b. Imah panggung
c. Imah batu
d. Imah kaca

10. Tina naon bahan-bahan material imah di Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar téh?
a. Awi, kai, batu, jeung eurih/injuk/daun tepus.
b. Awi, kai, batu, jeung kenténg.
c. Batu, bata, kesik, awi, kai, keramik, jeung kenténg.
d. Beusi, batu, bata, kesik, keramik, jeung kenténg.

11. Naon pungsina Bumi Ageung téh?
a. Paranti ngariungna para tamu anu datang ka kampung .
b. Paranti ngariungna masarakat lamun aya pasualan anu kudu dibadamikeun.
c. Paranti ngariungna para pajabat pikeun ngabadamikeun hiji pasualan.
d. Paranti ngariungna para turis anu datang ka Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar.

12. Istilah sesepuh lembur di Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar disebutna….
a. Bapa Kuwu
b. Bapa Kampung
c. Sesepuh Adat
d. Sesepuh Girang

13. Wangunan naon anu pungsina pikeun ngayakeun hubungan sosial (sosialisasi) di antara masarakat Kampung Adat Ciptagelar?
a. Leuit
b. Saung lisung
c. Saung ranggon
d. Saung huma

14. Masarakat Kampung Gedé Kasepuhan Ciptagelar mah, pageuh kénéh nyekel tali paranti warisan parakaruhun.
Kecap tali paranti ngabogaan harti …..
a. Kabiasaan atawa adat.
b. Karakter parakaruhun
c. Upacara adat karuhun
d. Warisan kolot baheula

15. Boh wangunan imah boh hirup kumbuh sapopoéna, masih mageuhan kabiasaan urang Sunda pituin, anu can kacampuran ku pangaruh modéren.
Kecap “pituin” ngandung harti…..
a. Deungeun
b. Batur
c. Sélér
d. Asli

16. Leuit nyaéta wangunna jiga imah, ngan leuwih leutik nu gunana paragi neundeun paré. Leuit lamun dina basa Indonésia mah disebutna…..
a. Lumbung
b. Bakul
c. Wadah
d. Gudang

17. Lamun rék unggah ka imah téh kudu nécé heula kana golodog.
Unggah hartina …...
a. Hanjat
b. Turun
c. Naék
d. Asup

18. Wangunan imahna ogé potongan imah panggung tina bilik kénéh.
Kecap “wangunan” hartina….
a. Kaayaan
b. Modél atawa bentuk
c. Rarancang
d. Pondasi

19. Lamun ngebut di jalan téh gedé mamalana.
Sinonim tina kecap mamalana nyaéta….
a. Cilakana
b. Pahalana
c. Bahayana
d. Kawanina

20. Tukang tatanén sok disebut…..
a. Nalayan
b. Patani
c. Palayan
d. Padagang

21. Conto nulis titi mangsa anu bener dina bagian surat pribadi nyaéta…..
a. 10 Juni 2019, Cingambul
b. Cingambul, 10 Juni 2019
c. Juni 2019, 10 Cingambul
d. cingambul 10 juni 2019

22. Conto salam pamuka dina bagian surat pribadi nyaéta…..
a. Salam sono
b. wasalam
c. kahatur Kang Ajat
d. baktos abdi

Kalintang bingahna upami sadérék tiasa sumping dina waktosna. Hatur nuhun kana perhatosanana.

23. Kalimah di luhur mangrupakeun bagian….surat.
a. Bubuka
b. Eusi
c. Panutup
d. Salam panutup

BABALIK PIKIR
Geus opat poé Esti teu sakola. Panas tiris babakuna mah. Tadi gé geuning aya budak sakola mani ngaliud, ngalayad. Ma’lum Esti mah ketua kelas tur nyaahan pisan ka babaturan téh. Katurug-turug jelema aya. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh. Mun geus puguh katempona babaturanna téh teu mampuh, Esti sok buru-buru mangmeulikeun buku. Pikareueuseun puguh gé. Keur mah pinter, anak nu beunghar, katurug-turug bageur deuih.

Kasoléhan Esti téh hanjakalna teu meunang pangrojong ti kolotna. Ayeuna gé bapana keur tutunjuk bari hahaok. Bapana kacida ambekeunana basa tadi Bu Rida wali kelasna nganuhunkeun kana kasaéan putrana nu tos masihan kasur sapuratina ka Ikeu babaturan sakelasna. Sihoréng budak téh nyokot tabunganana.

“Paingan atuh duit téh béak baé. Yeuh Bapa jeung Ema bisa kieu teh usaha popohoan. Dug hulu pet nyawa. Ulah kéna-kéna tabungan téh leuleuwihan duit bekel, tuluy sangeunahna dibagi-bagikeun.”
Esti cicing baé. Haténa manghanjakalkeun ku naon Si Ikeu maké ngobrol sagala ka Ibu Rida? Kumaha atuh? Kasalahan manéhna geus nembrak. Teu bébéja ka indung bapana. Ceuk pamikirna bébéja ogé ka baseuh-baseuh biwir da pasti moal diidinan, sedengkeun Ikeu kacida butuh pisan ku bantuanana. Ikeu saréna ukur dina raranjangan ditilaman ku samak salambar. Bantalna ogé buntelan bubututan. Teu bisa majar kumaha, da geus tigejebur, geus baraseuh. Esti ngeluk baé tungkul hareupeun bapana. Manéhna teu wanieun ngarérét-rérét acan. Lalaunan cai sakeclak maseuhan pipina nu pias. Da puguh hudang gering téa. Satuluyna mah ngagukguk ceurik menta dihampura ka bapana.
Sanggeus kajadian harita Esti tara deui kumawani barangbéré ka babaturanana, sanajan dina haté leutikna mah mungguh aya perang rongkah nu teu bisa kaungkulan ku sorangan. Bekelna ogé diseret ayeuna mah ku bapana téh. “Keun Bapa baé nu nabungna, sakalian di bank. Engké ogé keur saha deui, kabéh ogé dalah jang anak.” Kitu ceuk Pa Uja juragan angkot nu kacida keur meumeujeuhna beunghar.

Orokaya da jalma téh teu nanjeur baé, sataun ti harita barang Esti naék ka kelas 3 SMP angkotna tabrakan, nu maotna ogé aya opatan, atuh lumayan ogé béayana téh. Lian ti béaya, gegedéna mah jadi beuki melang loba angkot téh. Kurang katenangan. Kendat saminggu ti harita motor anyar di buruan aya nu maling. Acan ogé opat puluh poé ti barang angkot tabrakan, Pa Uja ujug-ujug gareuneuk sababadan.

Barang dipariksa téh cenah infeksi darah. Geus méh sabulan awakna leuleus waé, kituna mah kandungan hémoglobinna ngan lima. Jauh pisan tina wates normal.

Soré-soré Pa Uja ngadaweung pipir jandéla. Nyawang mangsa-mangsa katukang basa manéhna jagjag. Kacida pohona kana gering. Mangsa teu boga kasusah, tara hayang nyaho kana kasusah batur. Ari ayeuna? Geuning kacida bungahna mun aya nu ngalongok, komo maké émbél-émbél ngadunga sagala “énggal damang”, cenah. Atuh da teu kitu kumaha Pa Uja mah mun lolongak ka tatangga atawa kawawuhan téh cukup diwakilan ku pamajikan baé. Basa leungit motor ogé Ikeu babaturan Esti maké ngomong kieu, “Moal sesaheun Alloh mah ngagentosan deui rejeki Bapa, komo deui da Bapa mah seueur kasaéanana”. Puguh matak dédéngéeun ‘na ceuli Pa Uja mah. Liang irung asa rebéh-rebéh baé.

“Pa, nuju naon sonten-sonten jiga nu ngemu kabingung. Tong diémutan baé panyawat mah. Apan ayeuna ogé maju ka damang. Tos dileueut landongna?” Bi Erus pamajikanana nanya.
Pa Uja ngarenjag, “Kadieu geura Ma, saha budak anu dipangmeulikeun kasur ku Esti teh?”
“Oh, Ikeu. Karunya budak téh geus pahatu lalis. Untung waé aya kénéh indung kolotna. Ceuk Esti mah bumina ogé bilik jeung taneuh keneh handapna oge. Watir puguh gé. Teu kajudi ku ema mah kumaha ninina kudu dagang sorabi bari jeung nyakolakeun incu.”

“Kutan, Ema gé wawuh?”
“Henteu ari wawuh mah. Eta wé dongéng Esti. Tuh di ditu lemburna mah, di Banjaran Hilir.”
Pa Uja unggut-unggutan.”Punten Ma, pangnyaurankeun Esti,” pokna téh.
Pamajikanana ngaléos, teu lila norojol deui. Ayeuna mah bareng jeung Esti, budakna.
“Aya pikersaeun naon naon, Pa?” Esti kacida sopanna. Kituna mah budak téh sapopoéna balik ti sakola idek liher baé di Pasantrén Darul Falah. Sahenteuna budak téh ngarti kana bagbagan agama.
“Ka dieu geulis, geuning hidep téh kacida soléhna. Bapa kakara sadar yén hidep téh lir endog hayam keur Bapa mah.”

Ku naon Bapa téh?”
“Enya ulah waka adigung, komo Bapa mah ukur tamat SD. Najan bijilna tina bujur hayam ari endog mah teu burung didahar.”
“Kumaha maksad Bapa téh?”
“Insya Alloh ti semet ayeuna Bapa taat ngaluarkeun jakat mal jeung rék ngarojong satemenna nu kadada kaduga ku Bapa, kana kahayang Esti ngabantu barudak sakola nu kolotna kurang mampuh.”
“Bapa...!” Esti ngarangkul Bapana. Hujan cimata kabungah, muji sukur ka Pangéran dipaparin pituduh babalik pikir. Soré harita keur Esti mah wuwuh pinuh ku kabagjaan.

24. Kumaha pasifatan Esti dina eta carpon?
a. Sombong
b. Pedit
c. Bageur jeung berehan
d. Sieunan

25. Naon sababna Esti dicarekan ku bapana?
a. Tara sakaola
b. Sok barang bere
c. Geringan Wae
d. Tara ngerjakeun PR

26. Saha anu babalik pikir dina eta carpon?
a. Esti
b. Indungna Esti
c. Babturanna Esti
d. Bapana Esti

27. Kecap babalik pikir ngandung harti.....
a. Balik ka lemah cai
b. Balik ka lembur
c. Balik kana jalan hade
d. Balik ka imah

28. Sakalieun aya budak nu teu bogaeun buku téh, Esti mah tetelepék, jorojoy hayang ulin cenah ka imah babaturan téh.
Kecap tetelepék ngandung harti.....
a. Tara daek tatanya
b. Resep ilubiung
c. Sok tunya-tanya
d. Tara campur gaul

29. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon.
Kecap ulak-ilik kaasup kana wangun kecap rajékan….
a. Dwimurni
b. Dwiréka
c. Dwimadya
d. Dwipurwa

30. Conto kecap rajékan dwimadya aya dina kalimah….
a. Sababaraha urang siswa kapilih pikeun ngiluan pasang giri basa jeung budaya sunda.
b. Ulak-ilik kana handapeun bupét, bisi aya bugang beurit, teu aya nanaon.
c. Buku-buku nu aya di perpustakaan rék dipindahkeun.
d. Clak-clik-cluk hujan munggaran maseuhan taneuh nu lila garing.

31. Paribasa anu ngagambarkeun tabiat nu jadi anak moal pati jauh jeung nu jadi kolotna nyaeta..…
a. Uncal tara ridueun ku tanduk
b. Umur gagaduhan, banda sasampiran
c. Uyah mah tara téés ka luhur
d. Ulah kuméok méméh dipacok

32. “Kudu bisa kabula ka bale” hartina……
a. Hadé basa jeung hadé tingkah lakuna
b. Kudu bisa mawa awak
c. Kudu direncanakeun kalawan hade
d. Kudu hadé penampilan

aya lumut dina batu,
aya kuya di muara.
Kedah tumut kana waktu,
di dunya urang ngumbara

33. Mun ditilik tina wangunna sisindiran di luhur ka asup kana wangun....
a. Rarakitan
b. Wawangsalan
c. Piwuruk
d. Paparikan

Abdi téh kapiring leutik
Kaisinan ku gamparan
34. Wangsalna........
a. Piring
b. Kuring
c. Pisin
d. Isin

Cikur jangkung jahé konéng
Lampuyang pamura beuteung
Rarasaan lengkéh konéng
Padahal bureuteu hideung
35. Ditilik tina eusina éta sisindiran ka asup kana....
a. silih asih
b. piwuruk
c. papatah
d. sésébréd


Demikianlah artikel mengenai Soal latihan Bahasa Sunda kelas 8 SMP Beserta Jawabannya Lengkap ini, semoga bermanfaat buat sobat prakata yang sedang mencari referensi mengenai soal2 dari mata pelajaran Bahasa Sunda Kelas 8 SMP, Mohon Maaf apabila terdapat kesalahan dalam pembuatan soal ataupun jawabannya Silahkan untuk dikoreksi, karena pada dasarnya kita sama2 belajar. semoga bisa bermanfaat dan bisa digunakan sebagai bahan untuk belajar. Terima Kasih   
loading...

1 comment:

Silahkan berkomentar dengan Baik, Terima Kasih